Bujangga Manik: Perjalanan Seorang Peziarah 10
Tim Wacana Nusantara
10 April 2009

Sebelumnya....

Itu ta na bukit Karang,
ta(ng)geran na alas Karang.
(Itu Gunung Karang,
pilarnya wilayah Karang.)
 
Itu Gunung Cinta Manik,
ta(ng)geran na alas Rawa.
(Itu Gunung Cinta Manik,
pilarnya wilayah Rawa.)
 
itu ta na Gunung Kembang, /22v/
ta(ng)geran Labuhan Ratu.
(Itu Gunung Kembang,
pilarnya Labuhan Batu.)
 
Ti kaler alas Panyawung,
ta(ng)geran na alas Wa(n)ten.
(Ke arah utara wilayah Panyawung,
pilar dari wilayah Wanten.)
 
Itu ta na Gunung (.. .)ler,
ta(ng)geran alas Pamekser,
nu awas ka Ta(n)jak Barat.
(Itu Gunung (...) ler,
pilar dari kekuasaan Pamekser,
yang terlihat dari Tanjak Barat.)

Itu ta Pulo Sanghiang,
heuleut-heuleut nusa Lampung,
Ti timur Pulo Tampurung,
(Terdapat Pulau Sanghiang,
setengah jalan dari wilayah Lampung.
Ke arah timur Pulau Tampurung,)
 
ti barat Pulo Rakata,
gunung di tengah sagara.
Itu ta Gunung J(e)reding,
ta(ng)geran na alas Mirah,
(ke arah barat Pulau Rakata,
gunung di tengah-tengah lautan.
Itu Gunung Jreding,
pilarnya wilayah Mirah,)
 
ti barat na lengkong Gowong.
Itu ta Gunung Sudara,
na Gunung Guha Ba(n)tayan,
tanggeran na Hujung Kulan,
(Ke arah barat pantai Gowong.
Itu Gunung Sudara,
Gunung Guha Bantayan,
pilarnya Hujung Kulan,)
 
ti barat bukit Cawiri.
Itu ta na Gunung Raksa,
gunung Sri Mahapawitra,
ta(ng)geran na Panahitan,
(ke arah barat Gunung Cawiri.
Itu Gunung Raksa,
Gunung Sri Mahapawitra,
pilarnya  [Pulau] Panahitan,)
 
ti wetanna Suka Darma,
ti baratna gunung Manik.
(ke timurnya Suka Darma,
ke baratnya Gunung Manik.)
 
Awas ka Nusa Kambangan,
Nusa Layaran ....
Nusa Di/lih, Nusa Bini, /23r/
Nusa Keling, Nusa Jambri,
Nusa Cina Ja(m)budipa,
Nusa Gedah deung Malaka,
Nusa Ba(n)dan Ta(n)ju(ng)pura,
Sakampung deung Nusa Lampung,
Nusa Baluk, Nusa Buwun,
Nusa Cempa Baniaga,
Langkabo deung Nusa Solot,
Nusa Parayaman. //O//
(Lihatlah Pulau Kambangan,
Pulau Layaran ...,
Pulau Dilih, Pulau Bini,
wilayah Keling, Jambri,
wilayah Cina, Jambudipa,
wilayah Gedah [Kedah] dan Malaka,
wilayah Bandan dan Tanjungpura,
Sekampung dan kekuasaan Lampung,
wilayah kekuasaan Baluk dan Buwun,
wilayah kekuasaan Cempa (dan) Baniaga,
Langkabo [Minangkabau] dan wilayah Solot,
wilayah kekuasaan Pariaman.)
 
Beuteung bogoh ku sakitu,
saa(ng)geus ing milang gunung,
saleu(m)pang ti Pane(n)joan,
sacu(n)duk ka Gunung Se(m)bung,
era hulu na Citarum,
di inya aing ditapa,
sa(m)bian ngeureunan palay.
(Setelah mengagumi semua hal itu,
setelah melihat pegunungan,
setelah meninggalkan Panenjoan,
setiba di Gunung Sembung,
yang merupakan hulu Sungai Citarum,
di sana aku singgah bertapa,
sambil melepas lelah.)
 
Tehering puja nyangraha,
puja (nya)pu mugu-mugu.
(Beribadahlah aku melakukan persembahan,
memuja dengan penuh keyakinan.)
 
Tehering na(n)jeurkeun li(ng)ga,
tehering nyian hareca,
teher nyian sakakala.
(Kemudian aku mendirikan lingga,
lalu memahat patung,
selanjutnya membuat tugu.)
 
Ini tu(n)jukeun sakalih,
tu(n)jukeun ku na pa(n)deuri,
maring aing pa(n)teg hanca.
(Benda-benda ini menunjukkan pada semua orang,
bukti untuk orang-orang mendatang,
bahwa aku sudah menyelesaikan tugasku.)
 
A(ng)geus aing puja nyapu,
linyih beunang aing nyapu,
[ms. linyeh]              .
ku/macacang di buruan, /23v/
nguliling asup ka wangun,
ngadungkuk di palu(ng)guhan,
disiwi teher samadi. [ms. dibiwi]
Ku ngaing dirarasakeun,
ku ngaing dititineungkeun,
beunang aing adu angka,
nu mangka kasorang tineung.
(Setelah aku beribadah dengan menyapu,
menyapu sampai bersih (?),
pekarangan di sekitar,
aku mendatangi bangunan-bangunan dan memasukinya,
duduk dalam kesunyian,
memberika penghormatan (?) dan bermeditasi.
Olehku diresapi,
olehku dinanti-nanti,
apa hasil dari tujuanku,
apa yang menyebabkan penantianku.)
 
Ku ngaing dipajar inya
langgeng tita deung purusa,
nya mana kasorang tineung.
(Aku menyebutnya
keabadian, kekal bersama zat teragung,
yang memenuhi maksud penantianku.)
 
Kena kitu nu ti heula,
guna sang mahapandita,
nu bisa mu(n)cakkan tapa,
milih miji di sarira,
ngawastu rasa wisesa,
nurutkeun sakaja(n)tenna,
ha(n)teu kabawa ku warna,
atos alot rasa,
laksana mahapurusa,
nya mana pam(i)yaktaan. [ms. Nyu
(Karena sebelum adanya diriku,
kebaikan dari orang bijak,
yang mampu menyadari pertapaan tertinggi,
memilih berkonsentrasi pada diri sendiri,
untuk memahami pengindraan tertinggi,
dengan mengikuti penciptaan diri yang sesungguhnya,
tidak dapat terbawa oleh warna [penampilan fisik],
penuh dengan keberanian, hati yang kuat,
seperti manusia suci yang agung,
yang menunjukkan bukti jelas dari itu.)
 
A(ng)geus ngudian sarira,
Rakaki Bujangga Manik
ngaler ngidul marat nimur,
di tengah kapala cakra,
nyiar pigeusaneun matuh,
nyiar lemah pamutian,
nyiar cai / pamorocoan, /24r/
pigeusaneun aing paeh,
pigeusaneun nu(n)da raga.
(Setelah exerting dirinya sendiri,
Bujangga Manik yang terhormat
menuju utara, selatan, barat, dan timur,
di pusat dari titik puncak,
mencari tempat untuk tinggal,
mencari tempat untuk bertapa (?),
mencari air untuk tenggelam,
tempat untuk mati bagiku kelak,
tempat membaringkan tubuh.)
 
Di (i)nya aing teu heubeui,
satahun deung sataraban.
(Di sana aku tidak tinggal terlalu lama,
selama setahun lebih.)
 
Meding katepi ku are,
datang nu ti lala(n)deuhan,
Meding waya na bancana
(Terlalu sering aku dikunjungi orang asing,
oleh orang-orang yang datang dari bawah,
terlalu banyak godaan.)
 
Sadiri aing ta inya,
leu(m)pang aing ngaler barat.
Tehering milangan gunung:
itu ta bukit Karesi,
itu ta bukit Langlayang,
ti barat na Palasari.
(Sepergiku dari sana,
berjalanlah aku ke utara-barat,
melihat pegunungan:
itulah Gunung Karesi,
itulah Gunung Langlayang,
di baratnya Gunung Palasari.)
 
Ngalalar ka bukit Pala.
Sadatang ka kabuyutan,
meu(n)tas di Cisaunggalah,
leu(m)pang aing ka baratkeun,
datang ka bukit Pategeng,
sakakala Sang Kuriang,
masa dek nyitu Citarum,
burung te(m)bey kasiangan.
(Berjalan melewati Gunung Pala.
Setiba ke tempat suci,
menyeberangi Sungai Cisaunggalah,
aku berjalan ke barat,
tiba di Gunung Pategeng,
peninggalan Sang Kuriang,
ketika akan membendung Citarum,
tetapi gagal karena matahari keburu terbit.)
 
Ku ngaing geus kaleu(m)pangan,
meu(n)tas aing di Cihea,
meu(n)tas aing di Cisokan,
datang ka lurah Pamengker.
(Telah kulalui daerah itu,
aku menyeberangi Sungai Cihea,
aku menyeberangi Sungai Cisokan,
pergi ke daerah Pamengker.)
 
Cu(n)duk aing ka Mananggul,
ngalalar ka Li(ng)ga Lemah.
(Tibalah aku di Mananggul,
berjalan melewati Lingga Lemah.)
 
Tuluy datang ka E/ronan, /24v/
na(n)jak ka Le(m)bu Hambalang.
(Lalu aku pergi ke daerah Eronan,
mendaki [Gunung] Lembu Hambalang.)
 
Sadatang ka Bukit Ageung,
eta hulu Cihaliwung,
kabuyutan ti Pakuan,
sanghiang Talaga Wama: / /0/ /
(Setiba di Gunung Ageung,
itu hulu Sungai Cihaliwung,
tempat suci dari Pakuan,
danau suci Sanghiang Talaga Warna:)
 
"Euh, kumaha awaking ini!
Mu(ng)ku nyorang tulus datang,
ngahusir ka i(n)dung bapa,
ngahusir ka pa(ng)guruan!"
( “Oh, bagaimana nasibku!
Aku tidak akan dapat melanjutkan perjalanan,
mengunjungi ibu dan ayahku,
mengunjungi tempat guruku!”)
 
Awaki(ng) ka Hujung Kulan,
ja rea hadanganana.
Leu(m)pang aing nyangkidulkeun,
ngahusir bukit Bulistir.
Eta hulu Cimari(n)jung,
sakakala Patanjala,
1365 ma(n)ten burung ngadeg ratu.
(Aku pergi ke Hujung Kulan,
karena di sana banyak hal yang menunggu.
Aku berjalan menyelatan,
melanjutkan perjalananku ke Gunung Bulistir.
Itu hulu Sungai Cimarinjung,
peninggalan Patanjala,
ketika ia gagal menjadi raja.)
 
Di (i)nya aing teu heubeul,
satahun deung sataraban.
(Di sana aku tidak tinggal lama,
selama satu tahun lebih.)
 
Meding katepi ku are,
datang nu ti lala(n)deuhan,
meding waya na bancana.
(Terlalu sering aku didatangi orang asing,
oleh orang-orang yang datang dari bawah,
terlalu banyak godaan datang.)
 
Sadiri aing ti inya,
leu(m)pang aing ngidul wetan,
meu(n)tasing di Cimari(n)jung,
meu(n)tasing di Cihadea,
meu(n)tasing di Cicarengcang, /25v/
meu(n)tas aing di Cisanti.
Sana(n)jak ka Gunung Wayang,
sadiri aing ti inya,
cu(n)duk ka Mandala Beutung,
ngalalar ka Mulah Beunghar,
nyanglandeuh ka Tigal Luar,
ka tukang Bukit Malabar,
kagedeng Bukit Bajoge.
(Sepergi aku dari sana,
aku pergi ke baratdaya,
menyeberangi Sungai Cimarinjung,
menyeberangi Sungai Cihadea,
menyeberangi Sungai Carengcang,
menyeberangi Sungai Cisanti.
Seturun dari Gunung Wayang,
dan pergi dari sana,
aku sampai di Mandala Beutung,
berjalan melewati Mulah Beunghar,
turun ke Tigal Luar,
d ibelakang Gunung Malabar,
yang diapit oleh Gunung Bojage.)
 
Sacu(n)duk ka Gunung Gu(n)tur,
ti wetan Mandala Wangi,
nu awas ka Gunung Ke(n)dan,
ngalalar ka Jampang Manggung.
(Sesampai di Gunung Guntur,
di timur Mandala Wangi,
yang menghadap Gunung Kendan,
aku pergi melewati Jampang Manggung.)
 
Selanjutnya.....


 

 

Wacana Lebih Baru Wacana Lama
Posting Komentar Anda

Informasi lebih lanjut
[wacana@nusantara-online.com]
+62-22-930-746-96
Jln. Jakarta 20-22
Komplek Kota Kembang Permai
Ruko Kav. 21.A, Bandung-Indonesia